PRABU SILIWANGI - SAJARAH
SUNDA JEROEUN KABUDAYAAN SUNDA
Dumasar titinggal tinulis anu mangrupa
prasasti jeung naskah, dina abad wewelasan urang Sunda geus katembong gede
kasadaran sajarahna. Sababaraha prasasti anu dikaluarkeun ku raja Sunda
disebutna sakakala. Eta istilah ngandung harti pangeling-ngeling;
pangeling-ngeling ka mangsa katukang. Jadi, prasasti sakakala hartina prasasti
anu dikaluarkeun atawa eusina pikeun mieling hiji hal (kajadian, kaayaan) anu
geus kalakonan. Beda jeung prasasti piteket, nya eta prasasti anu dikaluarkeun
pikeun mutuskeun hiji hal atawa anu eusina kaputusan raja ngeunaan hiji hal.
Eusi prasasti sakakala nyaritakeun kajadian atawa kaayaan mangsa katukang, ari
prasasti piteket ngembarkeun hal anu kajadian harita. Kukituna prasasti
sakakala leuwih eces nembongkeun kasadaran sajarahna tibatan prasasti piteket,
sok sanajan duanana oge ngandung ajen dokumen historis. Prasasti Batutulis anu
aya di kota Bogor ayeuna bisa dijadikeun conto prasasti sakakala. Ieu prasasti
anu ditulis make basa Sunda (kuna) dikaluarkeun ku Prabu Surawisesa (raja Sunda
nu marentah taun 1521-1535) taun 1533 pikeun mieling ramana, Sri Baduga
Maharaja (raja Sunda nu marentah taun 1482-1521), anu pupus 12 taun kalangkung
(1521) bari sakalian ngayakeun upacara srada, nya eta upacara pikeun
nyampurnakeun arwah luluhur.
Dina ieu prasasti dicaritakeun ngeunaan gelar Sri
Baduga Maharaja anu sababaraha kali gentos luyu sareng kalungguhanana, luluhur
Sri Baduga, jeung hasil garapanana. Unina awal eta prasasti kieu. "Wan na
pun. Iti sakakala Prebu Ratu purane pun. …" (Mugi-mugi salamet. Ieu tanda
mieling haturan Prebu Ratu almarhum. …). Conto prasasti piteket nya eta
prasasti Sanghiyang Tapak anu dikaluarkeun ku Sri Jayabhupati, raja Sunda taun
1030-1042. Ieu prasasti ngabewarakeun kaputusan Sri Jayabhupati ngeunaan wates
daerah kabuyutan (daerah kaagamaan) Sanghiyang Tapak, larangan ngaganggu eta
daerah kabuyutan, larangan ngala lauk di walungan nu aya di eta daerah, jeung
ancaman hukuman ka sing saha anu ngalanggar larangan-larangan kasebut.
Luhurna kasadaran sajarah urang Sunda harita
katembong oge tina amanat Rakeyan Darmasiksa, raja Sunda taun 1175-1297, ka
putra-putuna, jembarna ka sakumna urang Sunda sapandeurieunana. Eta amanat
kaunggel dina naskah Amanat Galunggung anu ditulis dina daun lontar make aksara
jeung basa Sunda (kuna). Unina kieu.
"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni
tan hana mangke.
Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma
beuheula hanteu tu ayeuna.
Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak
tan hana watang.
Hana ma tunggulna aya tu catangna."
(Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto
moal aya jaga.
Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula
moal aya ayeuna.
Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal
aya dahan.
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna.)
Hiji cecekelan hirup manusa anu sifatna
historis, ngandung tilu dimensi sajarah: mangsa katukang, mangsa ayeuna, jeung
mangsa nu bakal datang. Yen dina ngalakonan hirup alam ayeuna perlu nyoreang
jeung ngaca ka alam tukang sarta seukeut deuleu jeung teteg hate dina
nyanghareupan alam nu bakal kasorang. Sabab, saur Ayatrohaedi oge, sajarah teh
nya eta tapak lacak nu kasorang, cecekelan urang leumpang, enggoning ngudag
tujuan.
Atuh babaran sajarah anu luyu jeung eta
kasadaran sajarah aya contona, seperti babaran sajarah nu aya dina naskah
Bujangga Manik (disusun memeh taun 1511) jeung naskah Carita Parahiyangan
(disusun teu lila ti saruntagna Karajaan Sunda). Bujangga Manik nyaritakeun
pangalaman pangarangna (Prabu Jaya Pakuan) nalika ngalalana ngurilingan Pulo
Jawa jeung Bali. Sacara ringkes Carita Parahiyangan nyaritakeun sajarah
Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh ti mimiti ngadeg nepi ka runtagna.
Raja-raja Sunda jeung Galuh ditataan saurang-saurang bari disebutkeun lilana
nyekel pamarentahan.
Hanjakal pisan kasadaran sajarah jeung cara
nyusun sajarah kitu teh henteu lana, da sabadana mah sajarah teh dihartikeunana
meh sarua jeung legenda, malah sarua jeung mitologi. Atuh carita-carita
sajarahna oge disusun dumasar eta harti nepi ka eusina pacampur antara sajarah
jeung legenda atawa mitologi.
Tegesna, sajarah meh taya bedana jeung dongeng.
Gambaran sajarah kitu teh babakuna lamun nyaritakeun zaman Karajaan Sunda,
Karajaan Galuh, jeung sumebarna Islam di Tanah Sunda. Katembong pisan
saruntagna Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh urang Sunda ngagungkeun eta dua
karajaan.
Zaman harita dianggapna, malah dipercaya, sabage zaman ideal urang
Sunda. Katelahna zaman harita teh zaman subur ma'mur loh jinawi, rea ketan rea
keton, tata tengtrem kerta raharja. Tapi ngagungkeunana ku carita anu sifatna
legendaris atawa mitologis boh dina wangunan tradisi lisan boh dina wangunan
tradisi tulisan.
Tradisi lisan ngawujudna dina carita pantun, carita legenda
hiji tempat, kapercayaan sabubuhan masyarakat, saperti carita pantun
Mundinglaya di Kusumah, Ciung Wanara, Lutung Kasarung, legenda leuweung
Sancang, kapercayaan kana maung kajajaden anu asalna rayat Pajajaran. Tradisi
tulisan ngawujud dina naskah, saperti Babad Pajajaran, Carios Prabu Siliwangi,
Wawacan Kean Santang, Sajarah Banten, Carita Dalem Pasehan. Mundinglaya di
Kusumah, putera raja Pajajaran, bisa ngapung nyaba ka langit padahal henteu
jangjangan sarta bisa ngelehkeun mahluk gaib raksasa (Jonggrang Kalapetung) ku
kakuatan gaib. Ciung Wanara keur mangsa orokna dipalidkeun ka walungan, terus
nyangsang dina badodon (alat paranti ngala lauk) Aki Balangantrang, tapi henteu
kua-kieu, salamet.
Guruminda, putera (dewa) Sunan Ambu, ti kaindraan turun ka
dunya bari nyamar jadi lutung (Lutung Kasarung) sangkan patepung jeung putera
mahkota, Purbasari. Ku kakuatan gaib Guruminda bisa ngayakeun karaton nu
singsarwa endah jeung ngabendung walungan masing-masing dina waktu ukur
sapeuting.
Kean Santang, putera raja Pajajaran Prabu Siliwangi, bisa napak
rancang dina beungeut cai laut nyebrang nepi ka tanah Arab. Di Arab Kean
Santang tepang sareng Bagenda Ali, oge Nabi Muhammad. Kean Santang lebet Islam,
alatan eleh jajaten teu mampuh nyabut iteuk Bagenda Ali anu ditanclebkeun kana
taneuh. Sunan Burung Baok, putera Prabu Siliwangi, bisa nerus bumi ti Pakuan
(Bogor) ka Suci (Garut) bulak-balik.
Harti jeung gambaran sajarah kitu teh di
kalangan tertentu masyarakat Sunda masih keneh lumangsung nepi ka ayeuna. Nepi
ka taun 1984 hiji tokoh Sunda di Bandung sok ngadatangkeun roh Prabu Siliwangi
anu ngajirim dina awak anak buahna.
Sacara teu sadar eta anak buahna
nembangkeun kidung anu pikasediheun bari gerak-gerikna siga maung. Dina hiji
pajumuhan ilmiah sim kuring kungsi medar sababaraha urang raja Sunda anu
hengker tur goreng adat jeung laku-lampahna nepi ka ngabalukarkeun karajaan
jadi nyirorot kakuatanana, malah ahirna mah runtag samasakali (1579). Teu lila
ti harita muncul komentar-komentar anu sifatna emosional ti sababaraha tokoh
Sunda.
Aranjeunna nganaha-naha sarta henteu nampi eta pedaran kalawan alesan
anu teu jelas. Ringkesna mah, aranjeunna henteu suka raja Sunda digogoreng kitu.
Padahal pedaran sim kuring dumasar kana informasi tina naskah Carita
Parahiyangan anu disusun ku pangarang warga keneh Karajaan Sunda. Minangkana
mah eta pangarang manghanjakalkeun ka raja-raja Sunda anu talajakna kitu.
Harti jeung gambaran sajarah Sunda saperti
dipedar di luhur teh mimiti muncul dina awal abad ka-18 sanggeus kabudayaan
Jawa asup ka jero kabudayaan Sunda. Asupna kabudayaan Jawa ka Tanah Sunda di
mimitian ku asupna kakawasaan Kasultanan Mataram ka Priangan (1625) jeung ka
Cirebon (1650).
Saenyana dina ahir abad ka-17 nepi ka awal abad ka-18 masih aya
keneh tulisan sajarah (historiografi) anu sifatna historis dihasilkeun di Tatar
Sunda, nya eta ti Cirebon jeung ti Banten anu geus ngajanggelek jadi karajaan
Islam (kasultanan). Bisa jadi eta tulisan sajarah teh, di sagigireun masih
keneh aya pangaruh alam pikiran zaman samemehna, oge dipangaruhan ku konsep
sajarah nurutkeun paham Islam.
Asupna kabudayaan Islam ka Tatar Sunda
dimimitian ku kagiatan buniaga jeung mukimna para sodagar Islam di palabuan-palabuan
Karajaan Sunda. Eta kaum muslimin ditangtayungan ku Kasultanan Demak
(1475-1546). Tapi sanggeus kakawasaan di Tanah Sunda aya dina cangkingan
pamarentah kolonial Walanda (ti wangkid 1800) harti jeung gambaran sajarah anu
miboga sifat legendaris/mitologis teh beuki ngandelan tur nerekab ka meh
sakumna masarakat Sunda.
Sigana mah eta teh perlambang kaayaan sabenerna yen
urang Sunda geus teu boga kakawasaan deui di lemah caina, anu nyampak ngan
kakawasaan nu aya di awang-awang atawa dina lamunan. Pikeun ngabeberah hate nya
digambarkeun yen urang Sunda bisa hirup kumbuh pacampur jeung mahluk gaib,
malah bisa ngelehkeun maranehanana.
Aya dua masalah anu sajalan tur pikatajieun
upama dibahas dina raraga ieu pedaran. Kahiji, masalah Pajajaran sabage jenengan
karajaan. Kadua, masalah identitas Prabu Siliwangi. Dina meh sakumna tradisi
tulis jeung tradisi lisan anu disusun sabada asupna pangaruh kabudayaan Jawa
jeung kakawasaan Walanda, karajaan di Tanah Sunda samemeh asupna Islam make
jenengan Pajajaran.
Eta tradisi miboga sifat jeung ajen sastra. Padahal dina
sumber-sumber sajarah mah (prasasti, naskah primer, beja ti mancanagara) di
Tanah Sunda teu aya nagara anu jenenganana Pajajaran. Istilah Pajajaran atawa
lengkepna Pakuan Pajajaran dina eta sumber sajarah dipake pikeun nyebut
jenengan puseur dayeuh, lain ngaran nagara. Ari jenengan nagarana mah nya eta
Sunda, Karajaan Sunda.
Timbulna Pajajaran jadi jenengan nagara, bisa
jadi ngaliwatan proses luyu jeung perjalanan sajarahna. Ti taun 1579 Karajaan
Sunda taya wujudna deui, sabab geus runtag. Nu masih aya keneh wujudna iwal ti
titinggalna (prasasti, arca, batu tahta, benteng, jalan, makam, tatangkalan,
tradisi lisan) nu dumuk di patilasan puseur dayeuh karajaan. Eta titinggal kasaksian
keneh ku urang Walanda nu datang ka eta tempat taun 1687, 1690, 1703, 1704,
jeung 1709.
Sababaraha titinggal kasebut masih bisa disaksikeun keneh nepi ka
kiwari. Bisa kaharti lamun zaman harita jenengan puseur dayeuh Pakuan Pajajaran
mindeng disebut-sebut. Ahirna fungsi istilah Pakuan Pajajaran jadi robah. Anu
tadina sacara gembleng sabage jenengan puseur dayeuh, saterusna pecah jadi dua.
Pakuan pikeun jenengan puseur dayeuh sarta Pajajaran pikeun jenengan nagara.
Memang istilah Pakuan Pajajaran asalna tina dua kecap anu miboga harti
sewang-sewangan.
Pakuan asalna tina kecap paku (ngaran sabangsaning tutuwuhan
palm) atawa kecap akuwu (tempat padumukan raja), ditambah ahiran an atawa
awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun harti katerangan tempat; tempat anu
loba tangkal pakuna atawa tempat padumukan raja. Pajajaran asalna tina kecap
jajar, ditambah awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun kaayaan tempat; kaayaan
(tangkal paku atawa patempatan) nu ngajajar. Aya nu nafsirkeun Pakuan Pajajaran
teh nuduhkeun loba tangkal paku anu ngajajar di sabudereun karaton atawa
sabudereun puseur dayeuh. Aya oge tafsiran Pakuan Pajajaran teh nuduhkeun lima
wangunan anu ngajajar di kompleks karaton. Dina Carita Parahiyangan eta lima
wangunan karaton disebut jenenganana Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati.
Istilah Sunda sabage jenengan nagara
kaluli-luli, lila-lila robah dipake jenengan wewengkon, penduduk, katut
kabudayaanana, nya eta Tanah Sunda (oge Selat Sunda, Sunda Besar, Sunda Kecil,
jeung Dataran Sunda), urang Sunda, jeung kabudayaan Sunda. Kituna mah memang
aya kabiasaan di kalangan masarakat yen jenengan puseur dayeuh, malah jenengan
karaton, sok dipake pikeun nyebut jenengan nagara, saperti Surosowan di Banten,
Ngayogyakarta jeung Surakarta di Tanah Jawa.
Teu aya deui raja Pajajaran anu
pangkamashurna iwal ti Prabu Siliwangi. Tegesna, Prabu Siliwangi teh raja
Pajajaran anu taya tandingna. Waktu dimasalahkeun, naha Karajaan Pajajaran ngan
boga hiji-hijina raja anu kamashur? Sacara tradisi jawabna teh, kusabab sadaya
raja Pajajaran jenenganana Prabu Siliwangi.
Kukituna aya Prabu Siliwangi
kahiji, kadua, katilu, jeung saterusna, saperti oge raja Majapahit di Tanah
Jawa, aya Prabu Brawijaya kahiji, kadua, katilu jeung saterusna. Samemeh jadi
raja Pajajaran, Prabu Siliwangi ngalaman heula hirup prihatin kulantaran
dipikangewa ku dulur terena.
Memang anjeunna putra raja Pajajaran, nuju alit
kakasihna Sang Pamanahrasa. Kasieunan mahkota karajaan ragrag ka Sang
Pamanahrasa, anu memang hakna, dulur terena kungsi rek nandasa, tapi sacara
gaib teu mempan. Saterusna Sang Pamanahrasa dibalur kulitna nepi ka rupana jadi
hideung sarta dijual ka sudagar, tapi dijual deui ka raja daerah Sindangkasih
nu perenahna di wewengkon Cirebon ayeuna. Kusabab laku lampahna hade tur loba kabisa,
Sang Pamanahrasa dipulung minantu ku raja Sindangkasih, malah teu mangkuk lami
diangkat jadi raja Sindangkasih ngagentos mertuana.
Sanggeus identitasna kabuka
sarta ku kamotekaran jeung kasantikaanana, ahirna Sang Pamanahrasa dijungjung
lungguh raja Pajajaran. Ti harita jenenganana digentos jadi Prabu Siliwangi.
Anjeunna kongas raja wijaksana, nyaah ka rayat, gede wawanen, loba akal
tarekah, sareng sifatna adil palamarta. Cindekna, pribadi Prabu Siliwangi
mangrupa tokoh manusa, pamingpin, sareng raja nu ideal. Eta anggapan, malah
kapercayaan, hirup keneh di kalangan urang Sunda nepi ka kiwari.
Kiwari jenengan Karajaan Pajajaran jeung
Prabu Siliwangi dipake pikeun ngajenenganan rupa-rupa hal, saperti lembaga
pendidikan, jalan, majalah, organisasi. Basana teh ngalap berkah tina nanjungna
Karajaan Pajajaran jeung seungitna Prabu Siliwangi sarta itung-itung
ngalanggengkeun sajarah luluhur. Pajajaran diantarana dipake jenengan hiji
universitas utama di Tanah Sunda, organisasi kasenian, jalan, majalah, teks
lagu, jeung sajaba ti eta. Kitu deui siliwangi dipake jenengan kasatuan militer
di Tanah Sunda, universitas, organisasi pamuda, bioskop, jalan,
majalah/suratkabar, jeung sajaba ti eta.
Taun 1966 Moh. Amir Sutaarga ngumumkeun hasil
panalungtikanana ngeunaan identitas Prabu Siliwangi ditilik tina jihad sajarah.
Dumasar perbandingan rupa-rupa sumber boh anu miboga ajen sastra boh anu mibona
ajen sajarah boh ajen sejenna anjeunna nyindekkeun yen Prabu Siliwangi sabage
tokoh sastra identik sareng Sri Baduga Maharaja sabage tokoh sajarah. Eta tokoh
teh luhung elmuna, loba hasil garapanana, gede wewesenna, sarta dipikaserab
kapamingpinanana. Tapi nurutkeun Ayatrohaedi, tokoh sastra Prabu Siliwangi teh
identik sareng tokoh sajarah Prabu Niskala Wastukancana, akina Sri Baduga
Maharaja. Prabu Niskala Wastukancana (1371-1475) kongas wijaksana, nanjeurkeun
hukum, hirup sederhana religius (satmata), sarta ngutamakeun kapentingan rayat.
Pamiangan eta kacindekan dumasar kana katerangan naskah Sanghiyang Siksakandang
Karesian yen taun 1518 jenengan Siliwangi geus jadi ngaran lalakon carita
pantun. Kukituna mustahil raja anu nyangking kalungguhan keneh jenenganana
parantos dianggo ngaran carita pantun anu sifatna sastra. Tapi deuih
Ayatrohaedi henteu nolak kacindekan Moh. Amir Sutaarga.
Saurna, bisa jadi
duanana disinugrahan gelar Prabu Siliwangi ku rayatna, lantaran duanana raja
agung tur populer. Saurna deui, jenengan Prabu Siliwangi asalna tina Prabu
Wangi, gelar almarhum Prabu Maharaja, ramana Prabu Niskala Wastukancana, anu
kawangikeun alatan gugur di Bubat (1357) nuju ngabela kahormatan nagara katut
lemah caina.
Ahir Karajaan Sunda digambarkeun oge di jero
kabudayaan Sunda. Gambaranana henteu negatif, lain aib, tapi sabage parobahan
anu sifatna alamiah. Prabu Siliwangi keukeuh mageuhan agemanana (zaman
heubeul), tapi henteu nyarek putrana (Walangsungsang, Rarasantang, Kean
Santang) lebet Islam (zaman anyar). Prabu Siliwangi nutup lalakonna ku cara
ngahiyang ka alam kalanggengan, putrana nguniang hudang nyieun sajarah anyar.
Kukituna, kaayaan urang Sunda katut
lemahcaina dina mangsa Karajaan Pajajaran, nurutkeun kabudayaan Sunda mah
mangrupa kaayaan ideal, mangsa Sunda jaya. Prabu Siliwangi digambarkeun sabage
pahlawan kabudayaan Sunda. Timbulna gambaran kitu teh, jigana, kulantaran
sabadana mangsa Karajaan Pajajaran, urang Sunda katut lemahcaina terus-terusan
pinanggih jeung kaprihatinan, salilana aya dina kakawasaan deungeun (jati
kasilih ku junti), tapi bari terus ngarep-ngarep tandangna deui Prabu Siliwangi
kiwari sarta ngalaman deui zaman Pajajaran anyar. Dina sabagian teks lagu mah
digambarkeun yen Prabu Siliwangi ngungun ningali ti alam kahiyangan kaayaan
Tatar Sunda katut rayatna paburantak tur lara balangsak.
"Hasil meleng hasil ngimpleng, anjogna
semet ngahuleng, Tatar Sunda paburantak, paburantak, rahayatna lara balangsak.
Beak taun beak windu, ngabandungan
nyerangkeun ti kaanggangan, lampahna pra seuweu-siwi, Pajajaran."
KARAJAAN SUNDA JEUNG KARAJAAN GALUH
1. Ngadegna Karajaan Kembar
Katompernakeun abad ka-7 Karajaan Tarumanaga
anu ngadeg di Tatar Sunda ti mimiti awal abad ka-5 Masehi tinemu suda
kakawasaan katut kakuatanana. Bisa jadi eta teh dilantarankeun ku eleh saingan
di laut jeung Karajaan Sriwijaya ti wewengkon Sumatera Kidul. Tarumanagara anu
puseur dayeuhna di basisir kaler (Sundapura?) di antara Jakarta-Bekasi
kasieuhkeun pangupahjiwana jeung kaamananana ku mekarna Sriwijaya jadi nagara
maritim di wewengkon Indonesia beulah kulon.
Tapi pairing-iring jeung caremna
Tarumanagara, di wewengkon pagunungan mitembeyan ngadeg dua karajaan anyar anu
dingaranan Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku
raja Tarusbawa, ari nu ngadegkeun Karajaan Galuh nya eta Wretikandayun.
Duanana
oge masih keneh sarerehan, tunggal teureuh Tarumanagara. Puseur dayeuh Karajaan
Sunda nya eta Pakuan (kota Bogor ayeuna), perenahna di sisi walungan Ciliwung
anu ngamuara di kota palabuan Kalapa (kota Jakarta ayeuna). Ari puseur dayeuh
Karajaan Galuh kungsi aya dua tempat.
Mimiti puseur dayeuhna di Bojong Galuh
(wetaneun kota Ciamis kiwari), perenahna di antara tinemuna walungan Citanduy
jeung walungan Cimuntur anu brasna ka Laut Kidul (Lautan Hindia ayeuna). Laju
pindah ka Kawali (kalereun kota Ciamis) anu perenahna di tutugan Gunung Sawal.
Wates alam wewengkon eta dua karajaan mangrupa walungan Citarum. Beulah
kuloneun walungan Citarum mangrupa wewengkon Karajaan Sunda, kawetankeun
wewengkon Karajaan Galuh. Wates alam wewengkon Karajaan Sunda beulah kaler,
kulon, jeung kidul mangrupa laut, nya eta Laut Kaler (Laut Jawa ayeuna), Selat
Sunda, jeung Laut Kidul.
Ari wates beh kaler, wetan, jeung kidul Karajaan Galuh
nya eta Laut Kaler, walungan Cipamali, jeung Laut Kidul. Beh wetan Karajaan
Galuh tepung wates jeung Karajaan Majapahit anu puseur dayeuhna Trowulan (deukeut
kota Mojokerto ayeuna), perenahna di sisi kali Brantas anu ngamuara di kota
palabuan Surabaya ayeuna. Majapahit minangka karajaan urang Jawa (sukubangsa
Jawa ayeuna).
Ieu dua karajaan disebut kembar, lantaran
duanana lahir dina waktu anu meh bareng (akhir abad ka-7 Masehi) tur perenahna
parerendeng. Di sagigireun eta, tali mimitran diantara duanana raket pisan boh
dina kakulawargaan boh dina kanagaraan.
Malah mindeng kajadian kakawasaan raja
di hiji karajaan ngurung kakawasaan di karajaan nu hiji deui, boh kulantaran
boga hak tina alatan pernikahan boh kulantaran boga hak tina alatan turunan
(sagetih), saperti nalika pamarentahan raja Sanjaya (623-632), Rakeyan
Darmasiksa (1175-1297), Perbu Niskala Wastukancana (1371-1475), Sri Baduga
Maharaja (1482-1521). Sok sanajan kitu, sawaktu-waktu mah kajadian oge
pagetreng diantara eta dua karajaan, kulantaran parebut kadudukan jeung beda
pamadegan di antara para pamingpinna, tapi henteu ari nepi ka ngabalukarkeun
bengkah duduluran katut peperangan rongkah mah. Keur urang luar Sunda mah ieu
dua karajaan katelahna Karajaan Sunda bae.
2. Kahirupan Ekonomi
Pindahna puseur dayeuh karajaan ti basisir
(Tarumanagara) ka pagunungan mawa dampak ka nagara katut rakyat Karajaan Galuh
jeung Karajaan Sunda leuwih ngutamakeun kahirupan tatanen tibatan kagiatan
buniaga.
Harita tatanen urang Sunda anu ngabaku nya eta ngahuma, melak pare di
huma, di lahan anu tuhur, lain di lahan baseuh (sawah). Tanah di Tatar Sunda
memang lendo, bubuhan leuweung geledegan keneh, lapisan taneuh bagian luhur
loba nu asalna tina lebu gunung api anu bitu, tingparentul gunung anu mindeng
ngadatangkeun hujan nepi ka cai curcor, walungan ting raringkel di ditu di
dieu.
Kukituna teu wudu mucekil hasil tina tatanen teh. Lian ti nyukupan pikeun
dahar sapopoe, paleuleuwih beasna dijual ka mancanagara. Hasil melak pedes oge,
lolobana mah iangkeuneun ka mancanagara. Mangsa harita pedes, cengkeh, jeung
pala anu disebut rempah-rempah jadi barang dagangan internasional anu dijual
sacara tatalepa nepi ka Eropa.
Sasela-selaning ngahuma, loba patani anu sok
moro sato ngarah daging, kulit, tanduk, jeung culana. Sato-sato anu sok diboro
kayaning uncal, peucang, banteng, badak, jeung rea-rea deui. Di sagigireun eta,
para patani migawe oge nyadap tangkal kawung pikeun diala lahangna. Lahang teh
mangrupa cai anu kaluar tina langgari kawung, rasana amis matak seger kana
badan. Tapi babakuna lahang jadi bahan pikeun nyieun gula, disebutna gula
kawung. Hasil tina nyadap oge mokaha, bisa ngajual gula kawung ka para padagang
boh padagang pribumi boh padagang ti mancanagara.
Ti jaman Tarumanagara basisir kaler jadi jalan
dagang laut internasional anu nyambungkeun tata buniaga ti wewengkon Indonesia
ka Asia Kidul, Asia Kulon, katut Asia Wetan. Barang dagangan anu laris mangsa
harita nya eta emas, rempah-rempah, kaen, beas. Lila-lila mah di wewengkon ieu
dua karajaan ngadeg sababaraha kota palabuan.
Nurutkeun catetan Tome Pires,
urang Portugis anu ngideran jaladri Indonesia taun 1513, aya 6 kota palabuan
sapanjang basisir kaler wewengkon Karajaan Sunda, ngajajar ti kulon ka wetan
nya eta Banten, Pontang, Cikande, Kalapa, Karawang, jeung Cimanuk. Kota
palabuan Cirebon jeung Japura, ceuk Tome Pires, geus misah ti Karajaan Sunda.
Di jero karajaan aya sabaraha jalan anu
nyambungkeun hiji daerah jeung daerah sejen, hiji kota jeung kota sejen.
Diantarana jalan gede anu nyambungkeun puseur dayeuh Pakuan jeung puseur dayeuh
Galuh ngaliwatan jalan kaler jeung jalan kidul. Kitu deui jeung daerah Banten
di beh kulon disambungkeun ka Pakuan ku dua jalan ngaliwatan jalan kaler jeung
jalan kidul. Jalan kaler mapay padataran anu sajajar jeung basisir kaler, jalan
kidul mah mileuweungan mapay wewengkon pagunungan.
Mangsa harita walungan
dijadikeun jalan oge anu ngahubungkeun daerah basisir jeung daerah pagunungan
make kapal atawa parahu. Walungan anu kakoncara loba balawiri parahuna nya eta Cibanten,
Cisadane, Ciliwung, Citarum, jeung Cimanuk. Walungan Ciliwung ngahubungkeun
puseur dayeuh Pakuan, katelah oge Pakuan Pajajaran, jeung kota palabuan Kalapa.
Ti ieu kota palabuan merlukeun waktu dua poe perjalanan make kapal pikeun
ngajugjug ka Pakuan. Kalapa minangkana mah kota palabuan panggedena jeung
pangramena di Karajaan Sunda mah. Kapala kota palabuanana oge gede wibawa jeung
pangaruhna.
Penduduk puseur dayeuh Pakuan Pajajaran
kurang leuwih 50.000 jiwa jumlahna. Dina tanggal 21 Agustus 1522 di dieu kungsi
ditanda hiji perjangjian gawe bareng dina widang ekonomi jeung pertahanan
antara gegeden Karajaan Sunda jeung gegeden urang Portugis anu puseur
kagiatanana di Malaka.
3. Pamarentahan
Karajaan diparentah ku raja. Jaman harita
kadudukan raja dumasar kana konsep kultus dewaraja, nyaeta pandangan yen raja
teh sabage wakil dewa di bumi. Kukituna raja kacida dihormatna, malah tampolana
disembah ku rayatna siga ka dewa. Raja nyekel kakawasaan mutlak tur miboga hak
turun-tumurun ngalinggihan tahta karajaanana. Lilana raja marentah henteu
diwatesanan, umumna mah dugi ka pupusna atanapi dugi ka ngaraos sepuh sareng
hoyong ngahenang-ngahening museurkeun lelembutanana kana kahirupan jaga sabada
ninggalkeun dunya.
Aya aturan anu nangtukeun saha pigentoseun
raja anu pupus atanapi anu ngecagkeun kalungguhan. Eta aturan nangtukeun daftar
prioritas hak waris dumasar kana tingkat padeukeutna hubungan getih raja jeung
anu bakal ngagantina. Anu pangluhurna nya eta putra raja pameget ti prameswari
anu cikalna.
Upama cikalna putra istri nya turun ka putra pameget adina anu
kahiji, kadua, jeung saterusna. Upama teu aya putra pameget ti prameswari,
turun ka putra pameget ti selir. Upama teu aya putra pameget bisa oge turun hak
waris ka putra istri. Raja anu teu kagungan putra, ragrag hak warisna ka
saderek sagetih. Kungsi kajadian hak waris karajaan ragrag ka minantu (lalaki).
Pamarentahan Karajaan Sunda jeung Karajaan
Galuh disusun ku wangunan federasi. Ku kituna aya raja pamarentah puseur anu
nyekel kakawasaan sakumna karajaan tur linggihna di puseur dayeuh nagara,
gelarna maharaja. Aya oge raja-raja di daerah anu nyekel kakawasaan di
daerah-daerah. Umumna raja di daerah masih keneh katalian dulur (getih,
pernikahan) jeung raja di puseur, malah aya raja daerah anu naek pangkat jadi
raja puseur, waktu jabatan raja di puseur kosong. Rakeyan Darmasiksa, upamana,
memeh mangku kaprabon di Pakuan, kungsi jadi raja daerah heula di Saunggalah.
Di sabudereun raja aya pajabat-pajabat anu
mangku pancen masing-masing, kayaning patih (anu ngajalankeun pamarentahan
sapopoe), mangkubumi (anu ngatur urusan tanah), lengser (pangbantu pribadi
raja), nu nangganan (pajabat nu nguruskeun masalah jeung daerah), wado (pajabat
puseur nu aya di daerah), hulujurit (panglima perang), jurubasa darmamurcaya
(penterjemah rupa-rupa basa).
Kitu deui di daerah aya sababaraha pajabat daerah
anu ngabantu raja daerah, kayaning pangurang dasa calagara anu pancenna nagihan
pajeg. Raja daerah boga hak pikeun mungut pajeg ka rayat. Sabagian tina eta
pajeg digunakeun pikeun ngajalankeun pamarentahan di daerah (pangwereg),
sabagian deui disetorkeun ka pamarentah puseur (pamwatan). Sabalikna, raja
daerah boga kawajiban datang ka puseur dayeuh sabage tanda satia ka raja puseur
bari sakalian masrahkeun pajeg jeung upeti anu mangrupa hasil bumi ti eta
daerah.
Pamarentahan diatur ku rupa-rupa papagon anu
disusun nungtut unggal generasi.
Undang-undang (papagon) pamarentahan
munggaran nya eta Sanghiang Watangageung anu disusun ku Rahiyangta ri
Medangjati kira-kira dina abad ka-7. Saterusna eta papagon dilengkepan saban
waktu upama katimbang perlu, nepi ka ahirna aya undang-undang pikeun ngatur
kagiatan kaagamaan (dewasasana), pamarentahan (rajasasana), jeung kahirupan
rayat sakumna (manusasasana).
Eta aturan dumasar kana dua sumber hukum, nya eta
ajaran agama (Hindu, Buddha, Jatisunda) jeung ajaran luluhur (patikrama,
purbastiti, purbajati). Karajaan Sunda ngutamakeun pisan aturan (hukum) dina
ngolah nagarana nepi ka digambarkeun waktu hukum dicekel pageuh, nagara tinemu
aman santosa, kerta raharja; tapi waktu hukum disapirakeun, nagara nyorang
awut-awutan, malah ahirna mah (1579) runtag samasakali.
4. Kaagamaan
Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna
jeung kapercayaan tur kagiatan kaagamaan. Agama anu dianut nyoko kana ajaran
agama Hindu jeung agama Buddha anu asalna ti India. Eta dua agama asup ka Tatar
Sunda ti jaman Karajaan Tarumanagara keneh
Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan
eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya di Karawang, patung
Buddha di Talaga (Majalengka), arca Syiwa di Kendan (Bandung). Sok sanajan
kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa
(Mataram, Kediri, Singasari, Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda
kaasup leutik pisan.
Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan,
arca tipe Polynesia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat
Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme
kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina ieu hal
urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan kaagamaan anu
ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa
ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila
kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.
Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran
pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran
Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghiyang. Jadi, sanghiyang minangka unsur
kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang
ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat
raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam dunya
ieu. Kahiyangan teh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan kahirupan
dunya.
Asup ka alam Kahiyangan katut hirup ngahiji
sareng Hiyang sabada nyawa ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab
nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama
manusa salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba
nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.
Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam
pawenangan (dunya) jeung di alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa
hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan
gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur
daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan jeung
kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal tinemu
jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.
5. Basa, Aksara, jeung Sastra
Yakin pisan yen masyarakat Sunda zaman
Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh geus ngabogaan basa jeung aksara. Eta hal
teh dumasar bukti-bukti mangrupa titinggal tinulis (prasasti, naskah, jeung
catetan urang mancanagara). Salian ti eta, zaman harita urang Sundana sorangan
ngaku yen geus ngabogaan basa jeung aksara sorangan. Kiwari basa jeung aksara
anu dipake zaman harita disebutna basa Sunda Kuna jeung aksara Sunda Kuna. Eta
sesebutan pikeun ngabedakeun jeung basa Sunda ayeuna anu katelah basa Sunda Modern.
Adeg-pangadeg aksara Sunda Kuna jeung kabeungharan kecap basa Sunda Kuna
dipangaruhan ku basa Sansekerta jeung aksara Palawa anu asalna ti India.
Hanjakal pisan basa jeung aksara Sunda Kuna
henteu lana hirupna, kulantaran menak-menak Sunda kabongroy ku basa jeung
aksara anyar ti piluaran ti mimiti ahir abad ka-17. Atuh ieu basa jeung aksara
teh pegat di tengah jalan, henteu nyambung ka zaman satuluyna. Balukarna loba
nu nyangka, kaasup urang Sundana sorangan, yen urang Sunda teu bogaeun aksara
sorangan jeung basana henteu bisa dipake masamoan dina kahirupan sastra,
kanagaraan, jeung elmu pangaweruh.
Kitu deui, lamun urang Sunda kiwari maca
teks Sunda Kuna, aksarana teu kabaca sarta basana teu kaharti. Kumaha wujud
basa Sunda Kuna teh? Ieu contona sakadar ubar kapanasaranan. "Nya mana
sang rama enak mangan, sang resi enak ngaresisasana, ngawakan na purbatisti,
purbajati.
Sang disri enak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas
pari-alas." Tarjamahna: "Mana sang rama tengtrem nguruskeun bahan
pangan. Sang resi tengtrem ngajalankeun palaturan karesianana, ngamalkeun
tali-paranti karuhun, adat baheula. Sang disri tengtrem ngaracik rupa-rupa
ubar. (Raja) ngalaksanakeun aturan kahirupan manusa, ngabagi-bagi leuweung
jeung tanah di sabudereunana."
Aksara Sunda Kuna dijieun sanggeus urang
Sunda wanoh kana aksara Palawa pikeun nuliskeun basa Sanskerta. Kumaha cara
nuliskeun basa Sunda? Kalawan cecekelan aksara Palawa, nya dijieun aksara Sunda
(Kuna) pikeun ngawujudkeun basa Sunda (Kuna) sacara tinulis. Ti harita gubrag
ka dunya aksara Sunda (Kuna). Abjadna dumasar kana engang dina kecap anu
jumlahna 18 sarta unina: ka ga nga, ca ja nya, ta da na, pa ba ma, ya ra la,
dan wa sa ha. Aya oge aksara lambang vokal mandiri, angka, jeung tanda pikeun
lambang sora vokal sejen katut tambahan tanda lianna.
Puisi zaman harita diwangun ku susunan jajar
demi jajar anu unggal jajar kauger ku 8 engang. Eta wangunan puisi teh
disebutna carita pantun. Pantun mangrupa seni pertunjukan asli urang Sunda.
Juru pantun nembangkeun carita pantun bari dipirig ku kacapi. Ku kituna carita
pantun miang tina tradisi lisan. Conto puisi jenis pantun kaunggel di handap
ieu.
Ambuing karah sumanger
Ibu wilujeng kantun
Pawekas pajeueung beungeut
Panungtung patembong raray
ambu kita deung awaking
ibu sareng diri abdi
Sapoe ayeuna dini
Sapoe poe ieu pisan
pajeueung beungeut deung aing
patepung lawung sareng sim abdi
Mo nyorang pacarek deui
(Jaga mah) moal ngalaman pataros deui
moma tina pangimpian
iwal dina pangimpian
pajeueung beungeut di bulan
patepung lawung di bulan
patempuh awak di angin
pasalisir awak di angin
6. Runtagna Karajaan
Iwal ti nyatet kota-kota palabuan di Karajaan
Sunda jeung kagiatanana, Tome Pires nyatet oge kaayaan Karajaan Sunda anu
pakait jeung sabab runtagna ieu karajaan. Dicaritakeun yen harita raja Sunda
nyieun kawijakan pikeun ngawatesanan jumlah padagang muslim buniaga di
wewengkon Karajaan Sunda, sabab ngarasa hariwang ku mekarna buniaga jeung
jumlah kaum muslimin.
Memang harita geus loba padagang muslim bubuara di kota
palabuan Cimanuk, malah kota palabuan Cirebon jeung Japura mah geus misahkeun
diri ti lingkungan Karajaan Sunda. Kabejakeun oge di kota palabuan Banten jeung
Karawang geus aya para padagang jeung kaum muslimin sejenna anu mukim.
Atuh
rayat Sunda mimiti nungtutan pindah agama jadi ngagem agama Islam. Keur
pamarentah puseur mah eta hal teh jadi ancaman anu sawaktu-waktu ngbarubahkeun.
Memang teu mangkuk lila ti harita timbul daerah-daerah anu baruntak, untung
Prabu Surawisesa (1521-1535) masih keneh kuat mingpin pasukan pikeun
ngungkulanana.
Sapupusna Prabu Surawisesa, raja-raja Sunda
(4 raja) teuing ku hengker tur sikep paripolahna henteu hade, leuwih loba
ngutamakeun kasenangan dirina tibatan ngurus nagara jeung rayat. Di ditu di
dieu timbul deui nu baruntak, teu bisa diungkulan. Banten misahkeun diri.
Ahirna Karajaan Sunda teu mangga pulia nyanghareupan kakuatan gabungan Cirebon,
Banten, jeung Demak anu ngarurug puseur dayeuh Pakuan Pajajaran taun 1579.
Edi S. Ekadjati